Selasa, 17 Desember 2013

MONYET PEUCANG NIPU



            Aya hiji Monyet manggihan kebon cau anu lega jeung loba buahna.
            Manéhna atoheun pisan.
            Manéhna nyaritakeun panggihanana éta ka sato-sato anu séjén.
            " Tapi omat nya kebon éta téh anu Pak Tani, lamun maranéh datang ka éta kebon, pasti bakal di paéhan ku Pak Tani." ceuk Monyet.
            Si Peucang ogé ngadéngé béja  masalah kebon cau anu lega éta.
            Sanggeus éta Si Peucang hésé-hésé néangan ka ditu ka dieu, tungtungna kapanggih kebon cau anu Pak Tani téh.
            Si Peucang asup ka kebon, tapi manéhna teu bisa ngala cau anu dina tangkalna kénéh.
            Waktu harita manéhna keur mikir, ngadadak Si Peucang di balédog ku cangkang cau.
            Manéhna rék lumpat di sangka anu ngabalédog téh Pak Tani.
            Waktu manéhna ningali ka luhur, gening anu ngabalédog téh Monyet.
            "Ekh, gening manéh Monyet! Dasar Monyet bodo!" ceuk Peucang.
            "Hehehe! Bodo-bodo ogé aing mah bisa naék, ngala cau saseubeuhna." ceuk Monyet.
            "Dasar Monyet bodo! Sabenerna tadi pas malédog téh teu keuna, sabab ku cangkangna." ceuk Peucang.
            "Sok lah balédog ayeuna ku cauna, bisa henteu Monyet bodo?" ceuk Peucang.
            Sanggeus kitu Monyet ngambek pédah disebut bodo, terus manéhna malédogan Si Peucang ku cau anu geus arasak.
            Keur di balédogan téh Si Peucang nyingcet waé, tungtungna Monyet hayoh ngabalédogan deui sabab hayang keuna ka Si Peucang nepika cau anu 30 siki téh nyésa 2 siki deui anu aya dina tangkal.
             Si Monyet geus lila mikir, yén Si Peucang ngahaja ngabohongan manéhna sabab cauna kari sasiki.
            Tadina rék di balédogkeun deui ka Si Peucang,tapi tungtungna kalah di dahar ku sorangan.
             Si Peucang  jadi meunang loba cauna, anu meunang malédogkeun Monyet.
Si Peucang gura-giru ngagundukeun cau-cau anu pabalatak jeung ngadahar cau éta nepi ka seubeuh.
            Tuntungna Si Monyet sadar yén manéhna bodo.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar